SG ENTERTAIMENT - BABARENGAN

  • 2 tahun yang lalu
SG ENTERTAIMENT - BABARENGAN

https://www.youtube.com/watch?v=pPHeOc047rs

Lirik :

Tong hariwang
Loba barudak ditukang
Ulah sieun
aya urang digigireun
Hayu berjuang
Udag ngimpi
Jeung kahayang
Ngarah bisa gancang
Ngabuktikeun

Kabeh nu hasilna gede
Meunangkeun na ge pasti hese
Bakal loba manggih cape
Bakal ngalaman nyeri hate

Awal timana
gede timana
moal nepi poho
najan lengkah indit
jauh kamana
Ikhtiaran tiap lengkah na
Kuatkeun kahayang na
Sabar barudak
Rezeki mah moal kamana

Tong sieun ditinggalkeun loba barudak maturan
Tong silih ninggalkeun nu ngarana babaturan
Kuatkeun hate jeung taktak meh bisa silih muntang
Saat maraneh nyeri sarua karasa ku urang

Hampura barudak urang tara mantuan
Saat maraneh leumpang urang teu milu maturan
Lain embung nulungan
Lain ge urang itungan
Ayeuna dek lumpat ge hese kabentur ku kabutuhan

Urang apal ripuhna leumpang dina jalan nu poek
Titajong jeung labuh mah geus hakanan sapopoe
Ieu du'a ti urang tuluy jadi jalma gelo
Maju tuluy ngimpi arurang mah teu bisa di nego

Pasti loba nu ngahinakeun
Pasti loba nu nyepelekeun

Tong hariwang
Loba barudak ditukang
Ulah sieun
aya urang digigireun
Hayu berjuang
Udag ngimpi
Jeung kahayang
Ngarah bisa gancang
Ngabuktikeun

Lamun hayang gancang
Jug lumpat sorangan
Mun hayang jauh kudu
Leumpang babarengan

Sagala cara
Kabeh upaya
Ku aing lakukeun kabehanana
Tapi nepika ayeuna
Can bisa nyieun keluarga bahagia
Kabeh jalan ku aing dipapay
Loba ngimpi nu acan kacapai
Kadang osok teu kuat nahan kanyeri
Nepika panon aing cirambai

Saat batur hirupna enggeus tenang
Aing didieu masih terus perang
Aing masih bobolokot ku kesang
Saat batur unggal poe senang-senang

Tutuluyan
Kapikiran
Mundur oge geus lain pilihan
Hiji-hijina jalan
aing kudu bisa
Ngawujudkeun kabeh impian

Tong hariwang
Loba barudak ditukang
Ulah sieun
aya urang digigireun
Hayu berjuang
Udag ngimpi
Jeung kahayang
Ngarah bisa gancang
Ngabuktikeun









Dianjurkan